Our website is made possible by displaying online advertisements to our visitors.
Please consider supporting us by disabling your ad blocker.

Responsive image


Panda

Panda
Status konservasi: Kaancam punah
Hua MeiHua Mei
Hua Mei, anak panda nu borojol di
Kebon Sato San Diego taun 2000.
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Fila: Chordata
Kelas: Mamalia
Ordo: Carnivora
Kulawarga: Ursidae
Marga: Ailuropoda
Spésiés: A. melanoleuca
Ngaran binomial
Ailuropoda melanoleuca
(David, 1869)

Panda (Ailuropoda melanoleuca, Giant Panda) nyaéta hiji mamalia nu kiwari digolongkeun kana kulawarga biruang, Ursidae, nu asli ti Cina tengah.

panda hirup di wewengkon pagunungan, kawas Sichuan jeung Tibét. Panda dijadikeun lambang Yayasan Alam Liar Sadunya (World Wildlife Fund, WWF), hiji organisasi konservasi alam. Ti panengah abad ka-20, panda ogé jadi lambang nasional Cina, sarta dijadikeun koin emas Cina.

Najan sacara taksonomi digolongkeun karnivora, dahareunana mah sabenerna tutuwuhan, utamana awi. Panda ogé beuki endog jeung serangga pikeun sumber protéinna.

Pikeun sababaraha dekade klasifikasi taksonomi panda dipadungdengkeun sabab panda jeung dulur jauhna Panda Beureum mibanda ciri-ciri nu mirip biruang jeung careuh. Tapi, uji genetik nétélakeun yén panda mémang biruang sarta asup kana kulawarga Ursidae. Dulur pangdeukeutna nyaéta Spectacled Bear di Amérika Kidul. Tinggal hiji deui, sabab Panda Beureum masih dipadungdengkeun, naha asup kulawarga Ursidae atawa careuh, Procyonidae.

Panda kaasup spésiés nu kaancam punah alatan habitatna nu beuki heureut sarta laju kalahiran nu jarang, boh di habitat aslina atawa di panginguan. Di alam aya kira 1.600 sato.

Panda nu geus sawawa di Kebon Sato San Diego.

Panda munggaran kawénéhan ku urang Kulon taun 1869 ku misionaris Prancis Armand David. Panda dipikaresep ku masarakat umum sabab watekna nu lucu, katambah ku kadaharanana nu mangrupa awi.



Previous Page Next Page