Our website is made possible by displaying online advertisements to our visitors.
Please consider supporting us by disabling your ad blocker.

Responsive image


Manyogana

Man'yōgana (万葉仮名) nyaéta bentuk kana heubeul dina Basa Jepang nu maké karakter Basa Cina jeung ngagambarkeun tulisan Basa Jepang. Teu pati kapuluruh sacara jéntré ti mimiti iraha dipakéna, diperkirakeun mimiti dipaké dina awal abad kagenep. Ngaran man'yōgana asalna tina Man'yōshū (万葉集, Antologi Myriad Léaves), hiji antologi sajak Basa Jepang waktu periode Nara ditulis dina man'yōgana.

Man'yōgana leuwih loba maké kanji keur nilai fonétikna tinimbang hartina. Sababaraha kanji dipaké keur nembongkeun sora nu sarua, sarta dina praktékna nu nulis bakal ngahijikeun kanji nu ampir sarua. Kanji nu remen dipaké dina man'yōgana ahirna robah jadi hiragana jeung katakana. Hiragana diwangun tina parobahan man'yōgana nu ditulis bagéan luhur cursive, dina gaya sōsho; katakana dumasar kana bagéan-bagéan man'yōgana, sarta mimiti dirobah ku pendeta Buddha dina bentuk steno. Dina sababaraha hurup, hiji karakter man'yōgana keur hiji suku kata nu ilahar dina hiragana, sarta béda jeung dina katakana; contona, hiragana る asalna tina man'yōgana 留, katakana ル asalna tina man'yōgana 流. Panalutingtikan man'yōgana nembongkeun yén sora teu ditembongkeung ku hiragana jeung katakana, kaasup dalapan sora vokal, saperti nu dipaké ayeuna nyaéta ngan lima hurup vokal.

Gabungan tina sababaraha kanji keur hiji suku kata dipaké dina hentaigana (変体仮名), susunan kana séjén tina hiragana. Hentaigana resmi teu dipaké dina taun 1900.

Man'yōgana masih dipaké keur sababaraha tempat di Jepang kiwari, utama di Kyushu. fénoménanu ampir sarua jeung man'yōgana, disebut ateji (当て字), masih aya, nu mana kecap (kaasup injeuman) dieja maké kanji: contona, 倶楽部 (kurabu, kleub).

Kasaruaan Katakana jeung man'yōgana (bagean man'yōgana nu jadi katakana diwarnaan beureum)
Parobahan hiragana tina man'yōgana

Previous Page Next Page






مانيوغانا Arabic Man'yōgana BCL Man'yōgana Catalan Man’yōgana German Man'yōgana English Man'yōgana Spanish Man'yōgana ET مان‌یوگانا FA Man’yōgana Finnish Man'yōgana French

Responsive image

Responsive image